Evie Tamala – Kamana

Evie Tamala – Kamana

(*)
Kamana lumampah neang kamutan
Kamana tos lami enteu patepang
Enteu biasana ngampleng teu nembongan
Ngarte ka diri abdi midangdang sorangan…

Kamana salira geuning ge cidra?
Kunanon salira geuning sulaya?
Cenah rek satiya, satuhu micinta
Asih ka diri abdi kanggo salamina…

Kamana kamana, teu puguh alesanana
Kamana kamana, angkat the taya waktosna
Kamana kamana, naha bet kieu buktosna
Kamana kamana, anjeun the atuh kamana..?

Tinggal abdi sorangan kadungsa-dungsa
Tinggal abdi kogenjah neang...
Nalangsa, tunggara, duh kieu rasana
Duh kieu rasana...

[Interlude]
Ulangi dari: (*)
Evie Tamala – Kembang Harepan

Evie Tamala – Kembang Harepan

Rasa kabengbat munggaran katepang
Galindeuh sorana, gelenyuh imutna
Mikat rasa jadi kasmaran
Gandrung liung pikir ngalanglayung…

(*)
Hate tibelat sok emut ka anjeunna
Sarengkah polahna, kabayang molebat
Tina hate aya kamelang
Puguh diri keur ka tiganju…

Duh aduh aduh cinta, duh aduh aduh cinta
Kembang-kembang harepan endah nyanding kabagja
Duh aduh cinta nyimpleng pinuh harepan..
Duh aduh aduh cinta, duh aduh aduh cinta
Kembang-kembang harepan endah nyanding kabagja
Duh aduh cinta nyimpleng pinuh harepan…

Lamun pareng laksana hate pinuh sukema
Lamun pareng ngahiji hate pinuh ku kabagjaan
Duh aduh cinta, duh aduh cinta...

[Interlude]
Ulangi dari: (*)
Evie Tamala – Kumalayang

Evie Tamala – Kumalayang

(*)
Kumolebat ringku dina sela-sela kamelang
Kumalindeng sora dina sisi-sisi katresna
Galinding asih nu wening ngusap batin lelembutan
Ngalakenah karaosna piraku nutu pirahna…

Reff:
Kumalayang cinta nu urang anteng dumeling
Kumalayang cinta nu urang ngentring hariring...

(**)
Mipir-mipir geter rasa, mapay-mapay sumur tresna
Jadi katineung duaan, jadi runtuyan harepan…

[Interlude]
Kembali ke: (*), Reff, (**), Reff, (**)
Evie Tamala – Salam Kangen

Evie Tamala – Salam Kangen

Dina peuting nu jempling, hate anteb mikangen
Ka salira nu janteun kakasih, buah ati panyileukan
Siang jeung wengi...

(*)
Dina lirihna angina titip salam kakasih
Salam kangen, salam rasa deudeuh
Mugi dugi ka salira...

Teu hilap ucap wilujeung weungi
Kanggo salira aduh panutan...

Mugi gambarna diri sing ngajadi keumbangna
Numapaes endahna, impenan salira
Mugi gambarna diri sing ngajadi tatanan
Numinuhan na ati salira, nu ngawujud hareupan
Pikeun pateupang…

[Interlude]
Ulangi dari: (*)

Pikeun patepang...
Evie Tamala – Rungsing

Evie Tamala – Rungsing

(*)
Kalimpudan indung peuting nu ngadingding
Réhé simpé taya sora nu sumanding
Lir poékna haté abdi rungsing pusing
Gulang-guling di kamar nyorangan...

Hawar-hawar ngagelikna sora suling
Jiga jiga nu ngajakan ngahariring
Ngirim béja, béja haté ti panutan
Diri gering mikiran nu didagoan...

Poé deui, minggu deui, bulan deui
Taya hibar panglilipur timanehna
Kembang-kembang nu nyambuang ngadalingding
Kiwari tos ngawitan layu muguran…

Lara diri balas mikiran panutan
Bati nyeri taya pisan papadana…

[Interlude]
Ulangi dari: (*)
Back To Top